09/05/2022
pepeling ti bapa
anaking jimat awaking.
hidep kudu reueus hirup janten diri sorangan.
raksa pariksa amarah hidep nu ngabalukarkeun kaduhung nu teu manggih tungtung.
jalanan hirup ku handap asor ka papada sasama.
anaking jimat awaking.
jaga riksa nu di pibanda ku hidep.
soca tina titingalianeun.
ceuli tina dedengeaneun.
irung tina aangseuaneun.
biwir tina cacaritaeun.
letah tina ucapaneun.
leungeun tina cabakeuneun.
suku tina lampahkeuneun.
jaga tur riksa rengkak paripolah hidep.
ulah nepi ka ngaraheutkeun batur.
amis budi bear raray sangkan hirup hurip hidep akur jeung batur.
anaking jimat awaking.
kahade hirup teu salawas na datar.
aya tanjakan aya pudununan.
ulah nepi ka hidep janten kufur.
lobakeun syukur kanu maha ghoffur.
sujud ka gusti nu maha suci.
eta puntangan hidep di dunya tur dugi ke jaga di poe panuntungan.
bral miang anaking jimat awaking.
tandang makalangan ngalakonan hirup hurip di alam dunya.
pake agemanan agama.
pake papagon hirup.
pake piwuruk karuhun urang.
insya alloh hidep bakal punjul.
bral kasep anaking miang.