07/07/2020
Dongeng
Saurang Ibu umur 50 taun keuna serangan jantung, langsung dibawa ke Rumah Sakit.
Dina kaayaan kritis di meja operasi
Sang ibu kaget sabab ningali malaikat ngadeukeutan.
"Wahai malaikat, naha hirup kuring ngan nepi kaayeuna ?"
Malaikat ngawaler :
"Nurutkeun catetan, anjeun boga waktu keur hirup 24 taun 3 bulan jeung 21 deui ."
Bener kondisina maju ka cageur, si ibu memutuskeun tetep di Rumah Sakit keur operasi wajah , suntik bibir, implant buah dada, pinggul, oge implant gigi sarta rambut disemir hideung .
Pokokna paket kumplit, sabab ngarasa masih boga waktu hirup cukup lila.
Beres operasi kondisi cenghar, si ibu mutuskeun ninggalkeun Rumah Sakit.
Da da eta mah, pas , nyeberang jalan, si ibu kasamber ambulans nu majuna tarik pisan.
Innalillahi, wafat ditempat.
Malaikat nu sarua nyampeurkeun si Ibu... Langsung ibu nanya :
"Naha kuring maot? Malaikat pan tos ngajanjikeun hirup kuring masih 24 taun deui ?
Naha Malaikat teu nyalametkeun kuring waktu ditabrak ambulans?"
Malaikat ngawaler:
"Kuring PANGLING ningali ibu... sumpaaaaaah...."
GUBRAAAG
PESAN MORAL IEU CARITA
:
*MUN GEUS KOLOT, ULAH HAYANG RUPA2. NGUCAP SYUKUR WE KU NIKMAT NU DIPIKAMILIK...... ...*.